Khutbah Jum'at Bulan Rajab 2, Bahasa Sunda (Isro Mi'raj)

0

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Khutbah Pertama

بِّسْمِ اللَّـهِ الرَّحْمَـٰنِ الرَّحِيمِ

اَلْحَمْدُ ِللهِ ، اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَحْرَمَ رَجَبَ بِإِسْرَاءِ الرَّسُوْلِ مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ اْلأقْصَى ، وَالَّذِيْ يَأْمُرُنَا بِالتَّقْوَى مْدَّةَ أُمُوْرِنَا ، 
نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ فِيْ كُلِّ أَهْوَالِنَا ، أشْهَدْ أنْ لاَ إلَهَ إلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أشْرَفِ عِبَادِهِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَصَحْبِهِ وَعِتْرَتِهِ 
 أمَّا بَعْدُ : فَيَا أيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعَ وَالطَّاعَةِ 

قَالَ اللهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى : سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ (الإسراء: 1) 

وَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : ألاَ إنَّ الزَمَانَ قَدْ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْم خَلَقَ اللهُ السَّمَوَاتَ وَالْأرْضَ السَّنَةَ اثْنَا عَشَرَ شَهْراً مِنْهَا أرْبَعَةُ حَرَمٌ، ثَلَاثَةٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو القَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرُّ بَيْنَ جُمَادِى وَشَعْبَانَ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ 

Puji syukur urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu senantiasa maparinan pirang-pirang nikmat anu teu kaetang seueurna. Nikmat anu terus-terus teu aya putus ka satiap makhlukna. Diantawisna berupa kasehatan, rezeki, umur sareng anu paling utami nyaeta kaimanan, sahingga dina dinten Jumat anu Mulia iyeu. urang dipaparinan kakiatan kanggo ngalaksanakeun ibadah sholat Jumat.

Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu 'Alaihi wasallam, oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya ummatna anu taat jeung cinta ka Alloh sareng rosulna dugikeun ka akhir zaman.

Kaum Muslimin Rahimakumullah
Di sasih anu mulia ieu,urang salaku umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan bersejarah, di mana Kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu 'Alaihi wasallam. diisra’kan ku Allah SWT. ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsha, saterasna di Mirajkeun ka langit ka tujuh nyaeta Sidratul Muntaha.

سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ البَصِيرُ

“Maha suci Allah yang telah memperjalankan hamba-Nya pada suatu malam dari Masjidil Haram ke Masjidil Aqsha yang telah kami berkahi sekelilingnya agar kami perlihatkan kepadanya sebagian dari tanda-tanda (kebesaran) Kami, sesungguhnya Dia adalah Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui”. (QS. Al-Isra: 1)

Para hadirin sidang Jumat Kaum Muslimin Rahimakumullah
Kajadian Isra’ Mi’raj ieu mangrupikeun kajadian anu luar biasa, jeung salah sahiji ujian kaimanan keur satiap umat Islam, teu di waktu harita teu di waktu ayeuna, bahkan ujian eta berjalan sepanjang jaman, dina perkara kaimanan jeung kayakinan kana bener jeung henteuna risalah anu dicandak ku Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam.
Memang ,lamun dipikir ku secara logika henteu mungkin hiji jalma sanggup ngalakukeun perjalanan ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsa dina waktu anu sakitu singkatna, bahkan perjalanan eta dilanjutkeun ti Masjid al-Aqsa naek ka langit dugikeun ka Sidratul Muntaha ngan dina waktu satu malam. iyeu mangrupakeun hiji perkara anu henteu asup akal.
Rasulullah sempat bingung di waktos enjing-enjingna, kumaha ngadugikeun risalah iyeu kumargi anjeuna kantos ngalakukeun perjalanan dina waktu berdagang sasarengan sareng kafilah dagang kaum quraisy anu mana perjalanan ti Mekkah ka Baitul Maqdis di Palestina teh merlukeun waktu salami sabulan perjalanan.
Risalah iyeu sanes perkara anu ringan dimana Kangjeng Nabi kedah ngadudikeun kebenaran anu terjadi, sabab henteu mustahil bakal loba jalma anu henteu percaya, malahan bisa jadi loba jalma anu bakal mengingkari kana risalah iyeu.
Nanging perasaan bingung eta tiba-tiba leungit anu salajengna anjeuna ngaraos tenang sareng mantap kanggo ngadugikeunana.
Salajengna dina waktos enjing-enjing eta anjeuna kaluar ti bumina ngadongkapan ka tempat ngumpulna kaum Quraisy. Saparantosna Abu Jahal datang, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam nyaritakeun kajadian anu di alaman ku anjeuna dina wengi tadi ka Abu jahal.
Abu Jahal tumaros ka Kangjeng Nabi bari sinis,:
هل من خبر يا محمد؟
 “Wahai Muhammad, apakah ada yang ingin engkau katakan ?
Kangjeng Nabi ngawaler: " نعم ,betul". Abu jahal tumaros deui:" وما ذاك Apakah itu ?".
Rasulullah ngawaler: " أسري بي ليلة البارحة إلى المسجد الأقصى, tadi malam aku telah diisra’kan (diperjalankan) ke Masjidil Aqsha"., Abu jahal tumaros :" وعدت من ليلتك Benarkah itu ?".
Nabi ngawaler: " نعم ,betul"
Abu jahal tumaros: " يا أبن أخي! أترى إن جمعت لك أندية قريش أتخبرهم بما أخبرتني به, Hai anak saudaraku, Apakah kamu mau menceritakan kepada kaummu yang lainnya, apa yang baru saja engkau ceritakan kepadaku ?
Nabi ngawaler: " نعم ,betul"
Lajeng Abu jahal ngagero ka kaumna: "يا بني كعب ابن لؤي! يا معشر قريش! هلموا إلي فاجتمعوا من كل حدب وصوب تاركين أنديتهم حتى أقبلوا، قال: اسمعوا ما يقول محمد Wahai Bani Ka’b bin Lu’aiy, Hai kaum quraisy, kemarilah, berkumpullah kalian dari semua pelosok, dengarkanlah apa yang akan di sampaikan Muhammad"

Saparantosna kaum quraisy ngumpul, lajeng Kangjeng Nabi nyaritakeun kajadian anu tadi di caritakeun ka abu jahal sesuai sareng kebenaran secara rinci, kumargi Rasulullah moal ngadugikeun risalah kecuali kebenaran.

Saparantosna ngadugikeun kabar Isro Mi'raj anu tos di alaman ku Kang Nabi eta, henteu saeutik jalma anu bimbang jeng ngaragukeun, anu tadina seueur jalmi anu percaya ka Kangjeng Nabi jadi ragu-ragu, malahan loba jalma anu nganggap Nabi henteu waras.
Tong boro jalma anu masih kafir, bahkan jalma-jalma anu geus asup kana Islam oge, henteu saeutik anu balik jadi murtad, padahal tadina maranehanana percaya jenung ngabenerkeun ka Kangjeng Nabi. Saterasna maranehanana ngadongkapan Sayyidina Abu Bakar kanggo nyaritakeun naon anu tos di dugikeun ti Kangjeng Nabi.
Maranehanana tumaros ka Abu Bakar: " هل لك في صاحبك ؟‍ يزعم أنه أسرى به الليلة إلى بيت المقدس Apakah engkau telah mendengar sahabatmu? Yang mengaku telah diperjalankan ke Baitul Maqdis malam tadi:"
Sayyidina Abu Bakar ngawaler: " لئن كان قال ذلك لقد صدق Seandainya dia (Muhammad) mengatakan seperti itu, sungguh itu pasti benar"
Orang-orang quraisy tumaros bari kaheranan:" تصدقه أنه ذهب الليلة إلى بيت المقدس وجاء قبل أن يصبح ؟ Apakah anda membenarkannya bahwa dia telah pergi malam tadi ke Baitul Maqdis kemudian sebelum subuh sudah tiba kembali?"
 Abu Bakar ngawaler deui kalayan yakin: "
إني لأصدقه بما هو أبعد من ذلك ، أصدقه بخبر السماء ، في غدوة أو روحه 
Sesungguhnya aku telah membenarkan yang lebih aneh dari itu, aku membenarkannya yang menerima berita dari langit, ketika pagi atau sore.
Maka su sabab eta anjeuna di sebat “Abu Bakr ash Shiddiq”" nyaeta anu membenarkan

Para hadirin sidang Jumat Kaum Muslimin Rahimakumullah
Dina sasih ieu Kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu 'Alaihi wasallam nampi wahyu parentah shalat secara langsung ti Allah henteu melalui perantaraan malaikat Jibril, ieu mangrupikeun pertanda yen kacida pentingna solat lima waktu anu mangrupakeun pondasi dina agama sarta hiji barokah kanggo umat Islam.
Sakumaha dawuhan Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam:

 الصَّلَاةُ عِمَادُ الدِّيْنِ فَمَنْ أَقَامَهَا فَقَدْ أَقَامَهَا فَقَدْ أَقَامَ الدِيْنَ وَمَنْ تَرَكَهَا فَقَدْ هَدَمَ الدِّيْنَ (رواه البيهقي) 

Artinya: “Sholat (lima waktu) mangrupakeun tihang agama,sing saha anu ngadrikeunana berarti manehna tos ngadirikeun agamana jeung sing saha anu ninggalkeunana berarti manehna atos ngarubuhkeun agama”. (HR.Baihaqi) 

Dina perjalanan Nabi ka Sidratul Muntaha aya sababaraha perkara anu ditingalikeun ka Kangjeng Nabi. di antawisna,anjeunna ningali aya sababaraha jalmi anu motong-motong letah maranehanana sorangan dugikeun ka buntung teras jadi deui, teras dipotong-potong deui terus-terusan,

Lajeng Kangjeng Nabi naros ka Malaekat Jibril ”Wahai Jibril saha tea jalmi eta?”.
Malaekat jibril ngawaler; “Wahai Nabi Allah,eta teh conto umat anjeun anu ahli berpidato sarta mere papatah ka batur,tapi papatah eta henteu diamalkeun kanggo dirina sorangan.

Salajengna deui Kangjeng Nabi ningali aya sababaraha jalmi anu nyakar-nyakar beungeutna dugi leupas kulitna saterasna pulih deui teras dicakaran deui teras menerus, Teras Kangjeng Nabi naros ka Malaekat Jibril; “Wahai Jibril saha tea jalmi eta?”. Jibril menjawab; “Eta teh siksaan kanggo umat anjeun anu resep ngomongkeun kagorengan batur.

Salain ti eta, seeur pisan kajadian-kajadian anu di tingalikeun ka Kangjeng Nabi nalika perjalanan Mi'raj ka sidrotul Muntaha

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah 
Sababaraha kajadian anu ditingalikeun ka Kangjeng Nabi dina waktu Isra’ Mi’raj eta sadaya mangrupa gambaran siksaan kalakuan umat manusa.

 فَخَلَفَ مِن بَعْدِهِمْ خَلْفٌ أَضَاعُوا الصَّلَاةَ وَاتَّبَعُوا الشَّهَوَاتِ فَسَوْفَ يَلْقَوْنَ غَيّاً (مريم: 59) 

“Maka akan datang sesudah mereka pengganti (yang jelek) yang menyia-nyiakan sholat dan memperturutkan hawa nafsunya, maka mereka kelak akan menemui kesesatan”. 

Tina pangalaman anu ditingal ku Kangjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wasallam., anu ahirna ngajantenkeun Kangjeng Nabi kacida pisan ngakhawatirkeun umatna dina satiap waktu. Komo deui nalika anjeunna nuju udur mayunan sakaratul maot, dugikeun ka anjeunna berwasiat kanggo umatna "ummati ummati ummati."

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah 
Ku margi kitu, hayu urang mawas diri supados langkung bersyukur sarta bertaqwa ka Allah, sarta mekelan diri urang supados langkung hati-hati dina ngajalanan kahirupan iyeu.
Urang ngan saukur tiasa ngaharepkeun bari dibarengan ku ngado’a sareng berusaha supados urang sadaya dipaparinan hidayah ku Allah SWT, mudah-mudahan urang sadayana ngengingkeun syafa’at ti Kangjeng sahingga urang terhindar tina siksaan seuneu naraka. Aamiin...

 بارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ 

Khutbah Kedua:

 اَلْحَمْدُ لله الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَـقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إله إِلاَّ الله وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ،اللهم صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. 
أَمَّابَعْد يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ 
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا 

اللَّهُمَّ صَلِّ وسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ وسَلّمْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، فِي العَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ، وَارْضَ اللَّهُمَّ عَنْ خُلَفَائِهِ الرَّاشِدِيْنَ، وَعَنْ أَزْوَاجِهِ أُمَّهَاتِ المُؤْمِنِيْنَ، وَعَنْ سَائِرِ الصَّحَابَةِ أَجْمَعِيْنَ، وَعَنْ المُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَعَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ. 

اللهم اغْـفِـرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْـفِـرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُونَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ 
اللهم إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالْعَفَافَ وَالْغِنَى. 
اللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ زَوَالِ نِعْمَتِكَ وَتَحَوُّلِ عَافِيَتِكَ وَفُجَاءَةِ نِقْمَتِكَ وَجَمِيْعِ سَخَطِكَ. وَآخِرُ دَعْوَانَا ، 
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ 

عِبَادَ اللهِ :إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي القُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ

 

Tidak ada komentar

Posting Komentar

© all rights reserved
made with by templateszoo